Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hasil Puasa Sabulan

Jumat, 23 Agustus 2013

URANG Kampung Tonggoh geus tilu puluh poé puasana. Lebaran. Saruka bungah. Maraké baju anyar. Bujang-mojang, patingalabring. Ngaliwatan Kampung Lebak nu isukan lebaranana. Gogonjakan. Ngambéng kadaharan. Ibro pepentolna. “Aya jelema geus galedé teu paruasaaa!” Gorowok Oji, budak satepak, ka babaturanana. “Enya euy, teu gableg kaéra!” “Euweuh kaéraaa! Euweuh kaéraaa!” Babaturan Oji gogorowokan, dilagukeun, bari ngabring-ngabring rombongan Ibro. Ibro keuheul. “Peletak!” Oji ditéké. Hing ceurik. Berebet lumpat ka lembur. Bébéja. Budak-kolot pabéja-béja. Sajeungkal jadi sadeupa. Kohkol dititirkeun. Karumpul mawa pakarang saaya-aya. Cenah, urang Kampung Lebak dirurug ku urang Kampung Tonggoh. Bring ngarudag rombongan Ibro. Cenah, urang Kampung Lebak ngarurug ka urang Kampung Tonggoh. Bring tarurun, ngabaréla rombongan Ibro. Pibayaeun. Mang Mumu lumpat ka Polsék. Lapor aya pibayaeun. Dua rombongan pasangrok di Sawah Tengah. Garalungan. “Dor! Dor! Dor!” Pulisi némbak ka luhur. “Berhenti!” Nu garalungan areureun. Digiring, dibawa ka Polsék. Nu masih paruasa kénéh jeung nu geus lebaran, sarua, dikarerem di pangbérokan Polsék.* Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya