Kalangkang Panonpoé
“MIHAPÉ barudak!” saur ibu sapuluh taun ka pengker, sabada sasalaman sareng apa. Lebah lawang. Katawis, socana ngembeng. Apa henteu ngawaler. Ukur unggeuk. Pameunteuna katingal hieum. Ibu angkat nyandak tas. Dijajapkeun
ku paneuteup. Gebrug, panto nutup. Reup, peureum. Panon beueus. Pes, haté pareum. Sasasih ti harita bumi téh ilang dangiang. Apa ngungun. Sanaos sok ngabébérag anjeun. “Hapunten Apa, nya!” saurna. Soantenna dumareuda. Émut ka ibu panginten. Adi-adi gé pasti kitu. Ibu téh panonpoé, nu getén nyaangan bumi. Ibu téh rénghap. Ibu téh nyawa. “Néng, Apa tos ngeukeuhan sangkan ibu uih deui, tapi alimeun,” saur apa sataun ti kawit ibu amitan. “Tah, ieu... mamah hidep. Omat sing hormat sapertos ka ibu!” Ukur unggeuk. Aya hinis nurih ati. Tadi wengi mah kaimpénkeun, mamah sareng apa ngakaya ibu. “Ibu...!” Koréjat. Nyah, beunta. Mamah nuju imut ngagelenyu. “Geura netepan, Geulis!” saurna bari ngusapan sirah. Mamah digabrug. Haté sasambat ka ibu. Ras ka apa. Kantun potrétna.* Nana Sukmana - kisuta.com


