Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pagupon

Minggu, 25 Agustus 2013

URUT kas sabun. Napel dina bilik gigir imah. Luhureun panyawéran. Sajodo kegenep piyik nu karék bulu kumuut. Wur diawur bangsal sacanggeum. Indung bapana ribut macokan parab. Bari disada bangun keur nganuhunkeun. Dironom anakna nu ménta dihuapan.
Teu mangkuk tilu bulan, piyik geus salin jinis. Jadi japati ngora nu siap ngapak mega. Kumalayang néangan layan. Sakapeung mindeng dianjangan ku baladna ti imah tatangga. Malah tuluy kabandang jadi pangeusi anyar. Malum dipiara ku nu getén, tara elat méré parab. Lindeuk kadeuleuna tapi susah katéwakna. Hirup bébas. Merdika. Jauh tina kacapangan dikurung teu dirungrum ditalian teu diparaban.
"Aing mah teu hayang boga nasib kawas titiran. Diimahan tohaga bari diréka-réka badis istana. Ukur moyan kudu ngadago dikelat," sora nu guntreng ti jero pagupon.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya