Tumis Kangkung
NGAHAJA meuli kangkung teh sa-colt bak. Bongan ari dipasak teh sok gampang pisan robah warnana. Teu kaop kapanasan saeutik kangkung mah warnana jadi hejo kolot remen oge jadi hideung. Sanggeus dipilih meunang tujuh
ranggeuy, si kangkung dipisahkeun.
Ayeuna milihan tomat beureum, galede jeung seger oge nu aya keneh daunna. Tomat tilu telebug beunang balanja tadi diudulkeun. Dipilah hiji-hiji. Weleh teu manggih. Ngabulasin. Diakalan siah. Tomat nu luyu jeung kriteria dipisahkeun deui. Keun neangan daunna mah gampil, di pipir imah ge loba daun tomat mah. Nu penting seger we. Hiji deui euy. Leunca. Leunca bungur diwedakan ku tipung sagu. Ha ha ha jadi blueberry. Geus komplit ah.
Tumis kangkung siap dina meja. Pikabitaeun. Matak uruy. Tumis kangkung dijejerkeun jeung blueberry. Ah masih kurang. Teu ngebul. Semprotkeun gliserin. Sampurna ayeuna mah. Luhureun tumis jeung jus nyerebung haseup ayeuna mah.
Jepret-jepret-jepret. Geus reres difotoan karek didu’aan. Muga-muga meunang hadiah Pulitzer. Amiiin.* Deni Riaddy - kisuta.com


