Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sapanjang Nyalindung

Senin, 26 Agustus 2013

GUTAK-GITEK. Gual-géol, ngahudang napsu. "Keun ah moal disusul. Resep nempona." Di nu nanjak, nu badag téh bangun nu ngahajakeun. "Haruuuh..." Ngarénghap panjang. Angen ratug, nyaksian gitek jeung géolna.
Tapi lila-lila mah jadi giung. Jeung deuih bisi kumaha onam. Da mun téa kajadian mah, angger nu rugi urang-urang kénéh. Na péngkolan nanjak, gigi dioper ka na dua. Lep! Gas didedetkeun. Biur..., nu ngagéol disalip. "Daaahhh..."* Eboed Eman Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya