Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Marathon

Senin, 26 Agustus 2013

SAHA nu ngudag, jeung naon nu diudag teu puguh jujutannana. Ngan ti saprak ninggalkeun kalang start, asa teu reureuh muru kalang finish. "Sumanget, Geulis. Tuturkeun sora Akang. Sing kiat." kapireng haréwos balas deudeuh, dareuda. Masih kénéh didieu, dina jalur nu geus ditangtukeun. Rét, ka satukangeun, kalang start geus teu katinggali. Teu eureun lumpat, tapi kalang finish kalah ngajauhan, tanaga beuki rosa. "Nyerah... Geus capé." gerentes haté nyoara. Ikhlas, mun seug kudu eureun didieu. "Astaghfirullohal adziim... Tuturkeun Akang, sadar, Geulis!" sorana kapireng deui. Lain, lain teu hayang nuturkeun sorana, lain teu nyaah ka manéhna da puguh urang kudu nyorang kamalir takdir séwang-séwangan. Lebah dieu panganggeusan, nalika Izroil nyampeur mapagkeun. "Heup, geus waktuna anjeun mulang." sorana handaruan. "Ampun, Gusti... Cinta, harta, karir kuring... Tulung!" sukma jumérit, awor jeung sora réang nu ngaji, patémbalan.* Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya