Imam Suluran
ADAN subuh geus réngsé. Santri ngabaris sababaraha saf bari pupujian. Tara-tara ti sasari, Mama Ajengan teu acan kénéh sumping. Telat. Santri pating kacewis, naha rék salat subuh baé diimaman ku lurah santri atanapi didagoan baé.
Inggis, piraku Mama Ajengan janten ma'mum, engké imam sok geumpeur. Kang Sodik pernah jadi imam, maca susuratan, bulak-balik teu anggeus-anggeus, lantaran Mama Ajengan janten ma'mum.
Teu lila aya nu gohgoy. Tangara yén Mama Ajengan tos ka lebet masjid. Santri nyingray masihan pijalaneun Mama Ajengan ka paimbaran. Ngong komat. Salat dimimitian. Réngsé salat, laju dikir jeung ngado'a. Ngado'a tacan bérés, di panto aya nu gohgoy. Sakabéh santri ngaralieuk ka lawang panto. Rét ka paimbaran, teu aya sasaha.
Ari tadi nu jadi imam salat, saha?* Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


