Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

24 Agustus

Selasa, 27 Agustus 2013

- Kado keur Ika Rostika R.

                      

sepré kayas

ranjang hias

ngadalingding

wangi malati

aya nu nyaliara

ngobétan rasa

aya héab nu béda

ngarobéda sukma

(kado-kado ngabaragug

ngahunyud di juru

sabot panon ulayaban

ka lalangit kamar)

1996

 

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya