Bet Ngagitek
SABADA karampogan nu ngorédaskeun harta bandana. Salakina remen huleng jentul. Teunggar kalongeun. Sakapeung cipanonna ngembeng. Nalangsa taya wates wangenna.
“Geus atuh Aang! Harta jeung banda mah bisa disiar deui babarengan. Da moal matak datang deui ku diceungceurikan!” Nu nyalangkrung bedah. Murubut.
“Sukur sakieu gé urang teu dipergasa nepi ka hanteuna, atawa teu kaleungitan ajén diri.” Nyegruk ngagukguk. Pamajikanana mingkin hémeng. Terus ngadeukeutan salakina, neuteup seukeut bari nyarita.
“Aang dangukeun! Mun kudu terus terang mah. Abdi nu kedahna langkung nalangsa téh! Sabab digadabah ku rampog di payuneun Aang pisan. Sababaraha jalmi deuih. Bari jeung kudu bisa ngéléhkeun dina sababara geprakan. Isin tur wirang Aang! Tapi demi salira abdi neger-neger diri!” Ceurikna mingkin balilihan.
Bari nyalangkrung cimata, salakina halon mairan, “Menya bet aya gitekna?” Mingkin ngadingdiut. Eurih-euriheun. Les kapiuhan.* Mulyana SA - kisuta.com


