Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Sakaparan-paran

Rabu, 28 Agustus 2013

SANGGEUS beuheungna marieus neuteup ceuceub sarigsig beusi. Meg! Disampakkeun tingkalieus beungeut haseum. Antukna. Ngangkleung dina cimata nu nyitu. Parahu liwung diwelah sakaparan-paran. Ngabangingik nyungsi sugan ‘na biwir wanci. Beu! Taya sudana geuning! “Tong jadi pikiran Sujang.., kapan hiji wujud jeung lalakona,” ceuk Abah Darma bari ngenyot cangklong. Nyerebung mapayan lalangit nu pinuh ku ranghasu. Cakcak tingarohék birat lalumpatan. Teu karasa méh ngagayuh wanci janari leutik. Wangkongan ngulibek sabudeureun lalangsé. Bulan kéom nyérangeun tina sela-sela kenténg nu semplék. Laju manéhna amitan. Ceg kana gémbolan. Disoréndangkeun. Kencling muru jalan satapak. Blus ka sampalan. Dipirig ku sora tarhim nu les-lesan ti peuntaseun mumunggang. Léngkah lungsé dicaangan bulan sapasi.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya