Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pamaneuhan

Jumat, 30 Agustus 2013

JRUT turun, suku geus hideng sorangan ngaléngkah, dituturkeun ku teuteup panon. Tuluy leumpang mapay jalan. Sakapeung ngarandeg, luak-lieuk, leumpang deui. Meunang sawatara lila, gék diuk. Luak-lieuk, jung deui indit. Reup peuting tuluy reureuh. Isukna léos deui indit. Sarta angger nyorangan. Nilar runtuyan poé kamari jeung panineunganana. Lir kalénder nilar béréndélan tanggal. Taya taun nu dilarung, taya bulan nu diliwatan, iwal ti nuluykeun lalampahan. Nganjangan lembur jeung kota. Meruhkeun gunung, nempuh sagara. Tapi haté sorangan teu nyaho kudu eureun di mana. Rajegna tatangkalan, gunung nu ngalamuk paul, makplakna laut, pasulabrengna mobil, jalma nu pagilinggisik, gedong-gedong sigrong… Najan deukeut, bet angger anggang dina rarasaan. Taya nu ditepungan. Tapi asa aya nu ngadagoan. Taya nu dituju. Tapi asa aya pangjugjugan. Teu weléh asa deukeut. Tapi haben teu kajeueung. Nu tétéla nyampak ukur samet dina implengan. Kitu jeung kitu. Antukna léngkah lumampah deui jeroning kostana dunya.* Lugiena De - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya