Nu Disingkurkeun
DI hiji rohangan. Raga nu kari tulang jeung kulit ngajepat teu empés-empés. Nyorangan. Euweuh nu maturan. Selang jeung kabel ranteng minuhan awakna.
Matana peureum. Ukur mata batin nu salawasna beunta, niténan sabudeur rohangan. Sora keclak cai infusan satia maturan batinna nu teu eureun galécok. Tawadu. Teu meunang aya nu ngalongok, ari lain dokter jeung perawat nu rék mariksa kaayaanna.
Sabada dipariksa dokter. Lalaunan manéhna mélététkeun matana. Sorot cahya ti unggal juru matak meureudeuy, sérab. Bray beunta. Cahya nu tadi nyorot beuki ngempur. Rohangan robah jadi caang mabra. Tuluy ngumpul di tengah-tengah rohangan. Saterusna nyirorot nembus dada muru jajantung. Nyaliara saawak-awak. Nyuaykeun kulit nembus pori-pori. Dadak sakala, selang jeung kabel prut pret paregat. Kuniang hudang. Jut turun tina ranjang. Laju ngabelesat meulah témbok, ninggalkeun rohangan.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


