Nu Tepung di Jalur Gaza
PASOSORE. Kurubuk. Ti saprak wates Rafah laju ka Jalur Gaza, beuteung can kungsi kaeusian. Sup ka réstoran peuntaseun Rumah Sakit Shifa. Pesen syawarma jeung cikopi.
Nunggu pesenan. Bet asa loma kana hawar-hawar nu keur ngawangkong di juru réstoran. Muru méja maranéhanana. Uluk salam. “Geuning, urang Sunda?”
“Sumuhun! Nepangkeun, abdi Rahmat. Ieu mah Komar!”
Horéng, geus dua taun maranéhanana dumuk di Jalur Gaza téh. Jadi tukang némbok dina proyék ngawangun Rumah Sakit Indonésia di Distrik Béit, Lahiya. Kawilang daérah teu aman. Ngawates langsung jeung Israél. Mindeng jadi salah sasaran rokét Israél. Najan kitu, teu témbong kasieun. Sorot panonna ngagedurkeun sumanget.
“Kuring geus gilig geusan ngabantu urang dieu! Éta gé aya rasa kaancam mah! Ngan nya kitu, hirup di dieu mah kudu siap jeung paéhna!” ceuk Rahmat. Uplek ngobrol.
“Iraha mulang ka lembur?”
“Insya Alloh, sasih payun!”
Rérés Magrib. Silirangkul. “Ilaa liqaa! Ma’assalaamah!”
Jelegur. Réstoran paburantak.* Rameli Agam - kisuta.com


