Sastra & Humor
Fikmin
Geber-geber Hihid Aing
Minggu, 1 September 2013
KACIDA éndahna dongéng Bu Guru, tadi di pipir kelas. Kitu gerentes Si Cikal. Dongéng budak pahatu. "Jeung dulur kudu silih pikanyaah. Silih senangkeun," saurna. Geber-geber hihid aing, kitu kawihna.
Samulangna ka imah, Si Cikal kakaratak kana lomari. Manggih sababraha lembar duit rébuan, nyelap dina tumpukan baju. Pok ngaharéwos ka adina nu siga langlayeuseun, "Yu, urang mésér arumanis."
Ari balik, geus aya nu ngajega di lawang. Teu cacarita, Si Bungsu dibabuk satakerna, nepi ka ngajurahrohna. Cul baé ditinggalkeun. Kari Si Cikal cumalimba. Ragamang kana raheut dina tarang adina, "Geber... geber... hihid... aing..."* Darpan A Winangun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


