Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mung Salira

Minggu, 1 September 2013

LALAKON salira sakitu ahẽngna. Nganteng dugi ka kiwari. Wuwuh tigin cecepengan. Teu galideur ku rupaning gogoda. Sanaos kedah nandonkeun kang putra. “Hampura Ujang, Apa lain tẽga,” pokna. Laju ngalugas pakarang nu hẽrang meunang ngasah. “Mangga sadaya-daya seja ngiringan kapalay Apa,” walona. Bari imut taya riuk. Hatẽ nyacas taya cẽda. Banget teu wasa. Bari peureum ngulangkeun pakarang. Tenggekna disinekelkeun kana kai. “Hampura Kasep…! Gẽrẽsẽl. Barang keur kitu. Dumadakan aya nu noẽl. Rẽt, dirẽrẽt. Gebeg. Imut bagja. Ti mangsa ka mangsa.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya