Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Twilight Solitude

Senin, 2 September 2013

KORSI panjang tina kai, nyanghareup ka Situ Lutry-Vaud nu matak betah. Ditiungan ku tangkal oaks nu ngarandakah. Tukangeunana, Munara Bertholo ngajungkiring, dikurilingan ku vineyards nu ngaplak konéng. Di dieu urang munggaran tepang, basa anjeun nuju calik bari anteng maca Mrs. Dalloway. Wanci layung ngempur mulas warnaning langit. Urang pada-pada reuwas, tepung jeung nu salembur di lemah batur. Laju uplek. Cenah anjeun mah nuju grading. Sedengkeun kuring, purah buruh matuh nu rumahuh. Aya nu nyantél. Antukna maneuh pasini. Satuhu, "Nous sommes faits pour l'autre," najan urang loba bédana. Kuring mah kayas, anjeun mah beureum nu ngabebela, norolangkeun sual patriarki, nu sidik kuring teu ngarti. Karasa anggangna urang ngeunaan sagalarupa. Horéng urang aya dina kalang nu nenggang. Sadrah. Aya bénténg nu luhur, luhur pisan, ngahalangan. Kapireng kénéh haréwosna, "Gusti mah hiji, Kang Ras. Ngan hanjakal urang teu sapamadegan." Kapal geus miang ngawang-ngawang. Kuring angger di deui, nyorangan, dibaturan ku simpéna soré.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com

*Nous sommes faits pour l'autre = kuring keur anjeun, anjeun keur kuring.


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya