Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Iket

Senin, 2 September 2013

NGAJAJAR. Sisi laut. Di pasir, di lamping. Jalugjug manggul langit. Rema-remana nadah ngemprayna cahaya bulan purnama, tanggal opat welas. Kasilir ku angin leutik. Bangun gugupay. Metot hate midangdam tanah Parahiangan. Ti jauhna, ti Tatar Nyiur Melambai, Manado.
Endah. Teuing ku endah. Tingtrim. Reuwas soteh kagareuwahkeun ku nu ngoleang. Aya barangbang semplak. Ngalayang. Murag. Leupas tina panyangreud nu geus teu pati pageuh. Kasurung ku umur. Ditalikeun. Udar deui, udar deui. Ngampleh ka tukang.
Tangkal kalapa nu rapang. Mere harepan kahirupan. Barangbang nu semplak jadi gemuk. Keur dirina. Kitu deui keur petetan anyar tina kalapa kolot nu murag. Kitri nu jadi gigireunana.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya