Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jamparing Asih

Selasa, 3 September 2013

JELEGUR...! Aya nu bitu dina hatè. Manèh ngajèngjèhè. Panon burial buncelik. Awak nirisan. Reup-bray kalangkang mangsa katukang. Ingetan kumalayang ka awang-awang. Ngapung luhur nuju bèntang. Gandrung kapidangdung gumulung nepi ka tutung.
"Akang, diantos di lawang Surga, nya!" ngan sakitu kecapna. Sirah karasa muter. Inghak panungtung bari ngucap syahadat masih kènèh kadèngè. Horèng manèh geus miheulaan indit.* Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya