Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ronggéng Panungtung

Selasa, 3 September 2013

KENDANG nihtir, binarung sora rebab nonggérét. Kecrék ngagérécék, paudag-udag jeung kempul. “tung tung keung, tung tung keung...” Panongton riab nyalampeurkeun kalang. Seuneu oncor luak-léok katebak angin peuting, doang deuk ilu ngalagé.
Burudul 6 ronggéng kalaluar, leumpang gancang, jéngké, trisi. Muteran oncor. Matana buburilakan nyiar bajidor nu kahalangan poék. Réngkébéng ngalagé. Tina Nandong kana Bardin, dipungkas Gaplék nu ngagiplek, nganteur paneureuy ciduh para panongton.
Galpék lekasan, tacan aya bajidor nu maju, padahal sababaraha ngaran disebutan étéh Mimi, sindén jadug. Abah mureleng kanu mendeko di juru panjak. “Sarnah, maju dia. Sing inget kana beuteung. Deuk iraha deui dia nyiar bapana? meungpeung araya!” Abah Obét nyentak. Nu mendeko rambisak, laju ngabangingik, ngusapan beuteungna, nu mimiti ngagedéan.
“Doklem... kaluar né, picis kaka cayutan yeuh pikeun dia?!” aya nu ngajorowok gigireun kalang. Abah Obét beuki nyureng. Sarnah ngagajleng kana kalang, morosotkeun apok, samping, némbongkeun beuteung bureuyeung “hayuuuu... manaaaa...???” rambisak.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya