Dangiang Subuh
DUR subuh. Jang Soma ngagurubug. Kodomang, gedeblug. Nyuksruk kana téhel tajug. Nyah, Jang Soma beunta. Laju tanggah. Hareupeunana geus ngabedega.
Awéwé nu peuting tadi milu tadarusan téa. Keur nyenyekel panakol bedug.
“Geura Adan, Kang!” Cenah, bari ngaléos teuing ka mana. Jang Soma rungah-ringeuh. Ngarérétan sabudeureunana. Lain ieu mah. Lain tajug nu di lemburna. Ieu mah leuwih lega. Tur agréng kacida. Gura-giru Jang Soma wudu. Ngong adan. Réngsé adan, di tukang geus rempeg nu rék ngamamum. Kabéh dimarukena. Aya saurang nu méré isarah. Jang Soma teu loba ceta. Cong, ngaimaman. Sajeroning solat, Aya ku tingtrim haté Jang Soma. Sorana dumadak halimpu. Matak tingsérését kana kalbu. Tutas solat diwuwuh ku munajat, nu jiga tingbelesat nanding kilat. Jang Soma bati hareugeueun. Batinna gumerendeng, muji teu reureuh-reureuh.
Bérés berjamaah, pangangguran Jang Soma kukurilingan. Parat nepi ka buruan. Poé geus ray-rayan. Hareupeun panto gapura, Jang Soma mata simeuteun. Runggunuk méga asa nampeu pisan hareupeun.* Asep Komara - kisuta.com


