Ngumpulkeun Pahala
SI Aa umurna lima taunan. Célémbéng. Nyarita béntés. Disakolakeun di Taman Kanak-kanak Islam. Susuratan Qur'an nu pondok, loba nu geus apaleun.
Ari ka luar ti imah atanapi abus ka imah, tara poho uluk salam. Ditingali-tingali, geus sabaraha balikan larsup ka imah. Di jero imah, bulak-balik ka kamer mandi. Odik pusing. Larsup nu kalima kalina, salamna teu dijawab. "Abi, kunaon salam Aa teu diwaler? Pan gaduh pahala upami diwaler!" "Aduh, punten kasép, teu kakuping," Odik ngabohong. "Kunaon Aa larsup ka bumi, teras ka kamer mandi baé sababaraha uihan?" "Aa upami lebet ka bumi, uluk salam. Pan gaduh pahala. Teras ngadu'a heula upami badé lebet ka kamer mandi, kenging pahala. Waktos bade ka luar ti kamer mandi, ngadu'a. Tuh pan, Aa kenging pahala deui. Saur Ibu Guru, urang kedah ngempelkeun pahala." Odik kaisinan.* Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


