Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Gerbong

Kamis, 5 September 2013

Karéta nyemprung. Meulah peuting liwung. Jero gerbong. Dua lalaki ngasah pelong. Lir sapasang erél nu lana digiles céda talajak. Ngabar kaludeung séwang-séwang. Pahareup-hareup. Taya nu nyoara. Ambekan padarosa nyilih sakabéh ungkara. Ukur isarah demit tina saban ised. Kuda-kuda panceg. Sarta sakur wirahma kereteg. Ngemu tatu. Nyidem raheut salikur taun kalarung. Aya kolébat ti antarana. Kalangkang kulawargana nu silihtelasan. Ngalanggengkeun waktu nu salawasna jadi satru. Ngahuru ingetan jeung kapeurih heubeul. Karéta beuki mangprung. Peuting ngaléong ka jungkrang beurang. Tapi taya nu bisa meruhkeun. Teuteup papada ngemat balébat. Leungeun kénca ngaragap sarangka. Ranggeuman katuhu pageuh nogél pérah. Seuseukeut bedog ngagurilap. Ngangsar. Bangun hayang buru-buru nganti pasini. Bareng jeung cikésang nu ti heula ngudar garajag. Taya nu usik. Angger silihintip. Moro bongoh. Obahna awak tina rupa haropak. Murwa ketak nu baris medar cangkalak. Yén ruruhit pati ukur ringkang wiwilangan detik. Karéta terus ngagegerung. Beurang ngarandeg lebah sukma. Aya hégak jeung jorélat paheula-heula mubus jomantara.* Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya