Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Surti

Kamis, 5 September 2013

“NGAN sakieu? Neuleu...atuh neuleueueu, Karmin! Pangeusi imah sakieu reuayna!” Nu boboléh ukur ngabetem. Sadrah, nadah gantawang. “Dasar, salaki kolopétong!” Brug! Panto digebrugkeun satakerna. Goar, nu bungsu lilir. Tayohna kagareuwahkeun. Surti, nu tadi ngadedempés, tukangeun panto nu méléngé. Buru-buru ngarawu. Ngéyong. Bari ngusapan dua adi séjénna, nu milu ngulisik. Piligenti. Paromanna aleum. Tanding lampu kamarna nu turun sepaneng. Teuteupna haleungheum. Ngamalirkeun nu tatadi ngembeng. Laju beueus, ‘na juru panonna. Teu beunang dipendet. Antukna teu daék reup, najan adi-adina geus talibra deui. Teup, ka nu geus ngagaleubra. Lieuk ka lebah panto. Ngimpleng nu tadi diseukseukan. Lelembutanna kumalayang. Ngalanglangan langit peteng. Saparat peuting. Nepi ka isuk. Isuk-isuk nu ngageunjleungkeun. Surti ngagulayun. Dina palapon kamarna. Tina leungeunna nu ngeupeul. Aya sacewir keretas. Ngagurat natrat: “Supados urang teu seueur teuing.”* Dadi Aryandi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya