Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Service Excellence

Jumat, 6 September 2013

IDANGAN sayaga. Baju dines tinggal rap. Lengkep jeung rangsel gawéna. Disayogikeun ku manéhna. Bérés ti cai. Saged dibaju. Nyisiran bari ngaca. Réngsé. Gék diuk di méja makan. Mumuluk bareng.
“Waktos wengi hébat pisan. Nuhun nya Neng.” Muka wangkongan
“Sami-sami. Panan kedah rucita sur Aang gé!” Mairan semu ogo.
“Bilih aya kakirang, nyarios wéh! Sisinanteneun dugika seri, posisi lima sami. Aang ‘macho’!” Ngagonjak.
“Muga baé giliran di ditu gé tetep ‘jos”! Salam baé ti abdi nya!” Ngelétan. Tring panonna ngiceupan sabeulah. Legeday.

Manéhna jajap nepi ka lawang panto. Bari mémérés dasi jeung jas kuring. Celengok taarna diangseu. Leleb. Arimut. Silihsun panangan. Silihdungakeun. Karasa rumah tangga reugreug pageuh. Jalan usaha jeung karir nikreuh dikeureuyeuh. Anak lengkep balageur teu maceuh. Selang sekar. Taya kakurang. Beurat beunghar lain ukur babasan. Di gapura imah, nyempetkeun ngalieuk ka nu jajap. Reueus. Dadah! Nu ngeyembeng bedah. Basa nu didadahan katempo keur memener sapasang leungeun jeung suku palsuna.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya