Toa
“CAGEUR, Nip? Iraha paéh? Mun sia paéh, aing rék milu tahlilan. Rék pangtarikna ngahaminkeun!” Pok deui, pok deui saban amprok. Geus jadi lalab rumbah.
Heureuy, minangka bungbu babarayaan. Ah, teu dipaké nyeri haté. Mana kitu gé boga kénéh kanyaah. Sanip malik nyorowok, “Ka mana waé, euy? Sugan téh geus tujuhna!”
“Puguhan. Aing karék bieu ti kuburan. Aing téa atuh, kuburan gé ngali sorangan!” Wasja ngingkig bari nyengir.
Jangjang peuting kumeleter. Sampiung, ngapung ngetrokan lawang langit. Nyangking hiji jisim. “Innalillahi wainna illaihi rojiun. Hatur uninga ka sadayana. Parantos mulih ka Jati, mulang ka Asal. Wargi urang, Wasja putrana Bapa Samian, nu bumina di landeuh. Mugia ditampi Iman Islam-na.” Toa masjid méré iber. Moal kapalingan. Sidik sora Wasja.
Sanip ngajleng tina balé. Nyorowok hareupeun masjid. “Ja? Wasja?! Kaluar koplok! Heureuy téh kamalinaan!”
Abah Saman norojol ti jero masjid. “Innalillahi..., sing rido Jang. Sobat manéh miheulaan.”* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


