Djaka Sanoesi
Pasosoré. Tas méngbal di Lapang Désa. Djaka Sanoesi. Mapay jalan ka kidulkeun. Mabal. Bras ka sisi situ. Niat hayang maseuhan tikoro. “Rék sakalian guyang, ah!” gerentesna.
Bru. Baju diteundeun na luhureun batu. Laju ngeueum. Aya ku seger. Kucuprak. “Saha éta?”
Panasaran. Hanjat. Nitenan kaayaan di sabudeureun situ beulah wétan. Reuwas. Awéwé. Tujuhan, keur garuyang. Suka-suka. Gareulis. Djaka ukur olohok. Bari nyipta-nyipta. Korosak…!
“Bebel, siah! Wani-wani noong!”
Buukna dijenggut. Ngajengkang. Tuur nyedek kana angen. Teu walakaya. Pias. Ngalawan, kalah dibabuk. “Euh, hampura. Da teu niat noong.”
“Montong loba omong! Silaing geus noong kami. Wayahna, milu jeung kami!”
Suiiit…! Suiiit…! Nyalukan nu keur garuyang. Teu loba ceta. Ber. Nu garuyang téh ngabelesat. Nu pangheulana, éta nu manggul Djaka. Norobos méga. Nembus puseur galaksi. Anggang jutaan taun cahaya ukur sakiceup. Anjog.
Ti harita, Djaka Sanoesi bumén-bumén di puseur galaksi. Ngarumah tangga jeung éta awéwé. Tujuhan. Kilirna téh unggal dua juta taun cahaya.* Rameli Agam - kisuta.com


