Hukum Newton Katilu
BARUDAK tingkocéak, ngaguruh, kawasna suwung guru. Gura-giru muru ka kelas, kasampak si Nurdin keur ceurik bari nungkup tarangna.
Ceuk babaturanana mah kacéntang bal nu mental, ditajong ku manéhna sorangan.
“Barudak, regepkeun ieu kajadian. Sagala rupa ogé kumaha urang.” Pasemon barudak teu ngalartieun. Dési nanya, “Maksadna kumaha, Pa?”
“Hukum alam mertélakeun, sagala ‘aksi’ pasti nimbulkeun ‘réaksi’ sakumaha geus dibéjérbéaskeun dina Hukum Newton katilu, kamari geus diterangkeun ku Bapa.”
“Contona bieu, si Nurdin najong bal kana témbok, ku témbok dibalikeun deui ka manéhna, tarikna sarua jeung tajongan manéhna,” kuring nerangkeun. “Kajadian ieu kudu jadi eunteung keur urang saréréa, yén sagala laku lampah, baris aya wawalesna, gedéna wawales gumantung kana gedéna lampah urang.” Barudak ting parelong bari unggut-unggutan, ngartieun.
Kareungeu aya nu tingharéwos, dirérét téh Si Nurdin, “Nang, mun kitu mah, Bu Sani guru Basa Sunda, bogoheun pisan ka uing, sabab uing gé bogoh pisan.”
“Nurdiiiiiiiiiin!” Kuring ngagorowok bari molotot, timburu.* Rudi Alfajri - kisuta.com


