Cukang Katumbiri
CUKANG warna-warni tanda sosobatan. Hadiah nu diwangun ku cinta. Manjang di antara abdi sareng Si Gula. Antara Taman Peremén sareng lautan. Éndah pisan.
Beureumna sapertos beureum kembang eros. Jinggana sapertos layung. Konéngna langkung caang ti srangéngé. Héjona héjo daun. Biruna biru langit. Nila sareng wunguna sapertos kembang di patamanan. Upami nuju hujan poyan, éta cukang téh hurung. Caang. Tah lamun tos kitu téh Si Gula sok énggal nepungan. Ngajak ngobrol. Nyaritakeun pangalaman séwang-séwangan. “Uyah, da ieu cukang téh tiasa melengkung. Tiasa nutug kamana waé. Janten tiasa dialihkeun sisi nu sabeulahna. Teu kedah ka Taman Peremén waé. Jung ameng!” ceuk Si Gula. Harita basa ngadangu kitu, abdi bungah. Babari ameng téh. Enyaan, abdi tiasa ka Taman Kukupu, ka leuwi, ogé ka Nagri Angin. Ngan hanjakal teu tiasa nutug ka manah salira, jungjungan. Da saurna, tos aya nu ngeusian.* Indah Eka Lestari - kisuta.com


