Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Metamorfosa

Minggu, 8 September 2013

NGALALAKON mangpirang-pirang léngkah nyemprung ninggalkeun katineung. Kungsi ngarandeg heula nyimpang ka sababaraha setasion, ka sababaraha terminal tapi anjeun suwung tina pangjugjugan. Kakangen micangcam bulan, bentang jeung halimun ngan sésa rindatna pulas kulawu. Padungdengan diri can nepi kana pasini jeung papastén. Bulan ieu, langit muruhpuy ngeprul marengan wirid-wirid pangbalikan. Ngimpleng mulang ka asal balik deui, bodas nyacas euweuh cela. "Naha bisa?" Sora-sora tadarus, rakaat-rakaat ngageuri, aya dina tungtung witir. "Ya Allah mugia ditampi puasa abdi."* Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya