Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Migrain

Senin, 9 September 2013

JEDUD! Jedud! Ari geus datang nyeri sirah sabeulah teh, matak sagala oge jadi piaraleun. "Neng, pangmeserkeun landong, geulis." si sulung jongjon kana PS, gogodeg, teu malire. Ka patengahan, si bungsu paciweuh nakolan kompang jeung baturna tiluan, teu puguh dadanguan. Sirah beuki jejedudan bae. Sup, kadapur, rut ret neangan susuganan aya keur ubar. Palu? "Ehm, asa kumaha mun ditakol ku palu? beuki rieut sigana," gerentes kuring. Gep, kana bedog, teu mikir panjang deui, crak! Bedog dikadekkeun kana sirah. Sapat, beulah dua. Kepluk! nu sabeulah kenca murag kana lahunan. " Asa harampang ayeuna mah," gerentes kuring bari ngaranggeum sabeulah sirah nu murag. Soloyong, rumanggieung kaluar ti dapur muru ka wahangan. Lung! Gejebur! Sabeulah sirah dialungkeun, awak satangtungan nuturkeun milu tigejebur, ngangkleung kabawa palid.* Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya