Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Donto

Senin, 9 September 2013

DARONTO. Naleuhneur. Malénor deuih. Komo sanggeus ku dunungan dihéroan. Kucap-kiceup wé siga modél iklan kecer. Seeeer, teu ditoél ogé, eusi kolor ngadak-ngadak cungkedang. Moal bener. “Sok wé Bos lah sing anteng. Kuring mah rék ka basisir” Cekéng, harita. Basa keur di lobi hotél. “Cicing, Ding, rék ka mana? Baturan uing. Hésé néangan kasempetan kawas kieu téh” Dunungan, satengah ngaharéwos. Dasar, dunungan lieur. Rajeun téh ngidinan balik. Kudu nganteur heula piknik. Ngahéroan ucing gering deuih. Jadi inget ka si Apin. Tadi beurang manéhna nelepon. Mun Bapa uih, pangmungkuskeun mie ayam, cenah. Jaba di lembur, ayeuna keur aya pasar malam. Pasti bungaheun mun diajak naék kana korsél. “Geus manéh téh tong hulang-huleng waé. Isuk ku uing dibéré sajuta. Sok pilih, hayang nu baju héjo, atawa nu baju beureum. Kadé, nu baju hideung mah ulah, ku uing geus dibooking!” Dunungan ngaharéwos deui. Uing ngadak-ngadak sabil. Kabayang, kumaha menor jeung dontona indung si Apin.*  Jordan Kurniawan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya