Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nini Éja

Selasa, 10 September 2013

BÉRÉS ngarékap jumlah mustahik, kencling indit. Rék ka Nini Éja. Kamari talatah ka indung budak hayang kaanjangan cenah. Kasampak keur nilepan mukena, kawasna tas duha. Hirup nyorangan dina sosompang masjid. Keur sapopoé tara ieuh ngandelkeun paméré. Néangan kipayah nganyam ayakan jeung nyiru. Imah ukuran tilu ka tilu, ngan aya dus wadah baju, pago tina kai jeung piring kembangan sababaraha siki, sajadah mukena jeung dipan tina awi. Teu hayangeun milu ka kota jeung Rasja anak hiji-hijina. Sangheuk cenah. “Rék naon incah ti lembur ari ngan ukur keur jajaluk mah.”
“ Yap ka jero, Jalu.” Cenah bari kusiwel ngaluarkeun duit tina saku kutang ninina. “Ieu Nini boga duit meunang kumpal-kempil. Hayang dijeujeuhkeun jadi fitrah. Sukur-sukur bisa duaaneun jeung Si Rasja.” Can gé diwalon geus pok deui. “Pepeuriheun saumur-umur ngan ukur jadi mustahik. Atuh dina tungtung umur, Nini hayang ngajaran jadi muzaki.”* Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya