Yeh Vaada Raha - Pasini Urang Duaan
LAIN. Lain syahwat nu jadi udagan. Enya. Baheula. Manéhna geulis ti azali. Tanding artis Phoonam Dhilon. Ayeuna. Mela-melu. Ramohpoy lalis nunggelis.
Awak rangsak éstu langlit. Nu nyésa tulang jeung kulit. Sepa, celong tur huisan. Panyakit nyasaak awak. Léngkah kundang korsi roda. Ngan hiji anu teu robah. Teuteupna. Masih nu baheula. Nu nyangkrung ‘na juru mata. Ngébréhkeun saniskara. Kangen jejem dipiara. Rikip ngancik tanpa kedal. Lukutan kalarung mangsa. Kuring ukur wani neuteup. Uga manéhna teu ngiceup. Ukur panon cumarita, “Insya Alloh, Aang seja ngopénan Eulis. Najan teu sacara langsung. Hampura akang kahalangan.” Diwalon ku kalam nafsi, “Haturnuhun, Ang. Hampura, Eulis. Lali ka Yehvaadaraha!”. Bréh. Kilasan gambar di layar. Tilupuluhlima taun katukang. Dua rumaja biru-bodas. Boncéngan naék sapéda. Naratas jalan kanyaah. Tingarakey sukabungah. Lumangsung keun ka wisuda. Waktu nu sakitu jauhna. Breg! Kapegat hujan silantang. Paturay ilang laratan. Patepung di panti wreda. Juuh. Paungku-ungku. Masih humarep ngawujud. Teu ayeuna, sugan jaga.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


