Nu Rék Lumampah
BRUKK, pakéan keur bawaeun ditumpukkeun luhur kasur. Sérélék muka kantong, blus-blus papakéan diasupkeun. Euh, teu mahi kantongna leutik teuing.
”Pa, punten pangnyandakkeun koper di luhur lomari!”, ngagorowok ka salakina. Rét kana tumpukan dahareun jangeun oleh-oleh. “Méréskeun itu heula wéh,” gerentesna bari kop kana kardus. Ladu, burayot, opak, ranginang jeung nu sejenna di éntépkeun sing apik, lebar bisi barubuk di jalan. Gurudug, salakina nyampeurkeun bari ngagusur koper. “Béréskeun acuk wé Mah, keun éta urang talian ku Bapa,” pokna bari ngeukeuweuk tali palastik.
Baju geus asup kabéh, kardus geus ditalian, duanana cengkat. “Tos siap, Mah?” Tanya salakina. “Sakedap, Pa.” Manéhna ngarongkong kantong, diilikan eusina. Duit keur ongkos jeung bekel aya, surat-surat katerangan diri aya, tiket karéta jadwal pangisukna meunang meuli ti kamarina kénéh, aya. “Atos, Pa.” Pokna ka salakina. “Hayu, atuh!” Manéhna unggeuk.
Kalacat duanana naék kana kasur, golédag, reup pareureum. “Bismika Allahumma ahyaa wa bismika amuut,” gerendengna bareng. Bisi isuk kabeurangan.* Aam Amarullah - kisuta.com


