Sarat Nyandung
HAREUPEUN hawu, tilupuluh tilu taun kalarung...
Aki Jenat mencrong Ki Lanceuk bari ngolomoh gula kawung. Waosna nu kantun tujuh siki tos teu kiateun nyatrok deui.
“Tong salempang, Jalu, aya teureuh hidep mah. Prung moal burung dijurung,” saurna bari ngalamot cai gula nu ngaléméréh na lambeyna.
Modalna teu beurat, hidep gé geus mibanda. Kari aya kahayang jeung boga wawanén sabagé lalaki. “Asal boga sarat, sirit jeung sorot. Sakitu modal nyandung mah.” Kitu kasauran Aki Jenat harita.
Sual sirit jeung sorot moal dipedar panjang lebar ku Aki. Piraku hidep teu nyaho sirit, pan kabéh lalaki gé ngabogaan. “Nu béda ngan rupa jeung ukuran,” saurna.
Tah nu rada susah téh saratna, saurna. Sing saha baé lalaki nu boga wawanén hayang nyandung, saratna kudu geus kawin. “Sakitu, Jalu! Ngan ieu sarat teu bisa diganggu gugat.” Écés jéntré kasauran Aki Jenat harita.* Abu Ainun - kisuta.com


