Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ku Teu Ngarti

Rabu, 11 September 2013

Ngék-ngok. Sora sada SMS. Dirérét geus apal ti saha-sahana. Horéam, tapi teu weléh dibuka. “Aa, lebaran Néng ka Bandung.” Hemeng. Kudu kumaha malesna. Sababaraha menit ukur ngalamun. “Owh, wilujeng liburan atuh!” Tungtungna dibales ogé. Teu lila geus aya deui balesan ti manéhna. “Naha sih, malesna jiga kitu? Jiga nu teu suka Néng ka Bandung?” Maca balesan SMS-na kuring ukur ngarénghap. Enya, baheula mah bungah pisan, mun Néng ka Bandung téh. Malah mah nu paling diarep-arep. Lamunan terus ngacacang ka mangsa katukang. Nembongan mangpirang harepan, sugan jeung lamun. Gep, kana HP deui. Gutret nulis. “Sia ayeuna pan pamajikan batur!” SMS teges. HP dibalangkeun…"* Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya