Salah Mikeun
"Mihapé duit jang indung si teueul!" pokna ka Ijan basa tepung di panyabaan. "Uing kagok aya kénéh tepunganeun." Sok duit sagepok. Teu diitung.
Pada percaya, laku urang lembur sapopoé. "Bikeun baé ka nu di imah mah sakahayang manéh, sésana kop sakuan buruh leumpang ka Babakan!" Ijan atoh lain dikieuna. Ibarat nu nundutan diasongan bantal. Keur mah niat balik ka lembur, aya nu nitah bari teu gaplah. Diburuhan.
Minggu hareupna Kabayan nepungan Ijan. "Sukur titipan geus ditepikeun," nyarita bari ngalinting bako sebul ku daun kawung. Dariuk dina golodog. "Ngan sigana salah mikeun."
"Kapan ceuk ilaing, bikeun sakahayang uing." Ijan némbal teu ngarasa salah.
"Teu nanaon ari bener mah. Ukur panasaran, hayang ngayakinkeun ari nu dipikahayang ku manéh nu mana, nu dibikeun atawa nu disakuan?"
Teu lila. Kabayan mulang bari sugema. Dianteur gelenyu mawur nu dianjangan. Akur.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


