Incest
ENYA tuda hirup nyabeulah bari budak dua maju ka gedé. Geus méh sapuluh taun rarandaan téh. Palias teuing lain teu hayang ngawangun rumah tangga deui.
Geus loba lalaki nu ngahajakeun datang ka imah, aya ogé nu ngadeuheus ka bapa. Teuing kunaon haté weléh teu méréan, enya gé pangala teu sabaraha. Jeung ongkoh ceuk batur mah pan teu alus hirup sosorangan téh, sok komo kangaranan pernah rumah tangga mah. Urusan lahir bisa ditéangan. Ari urusan batin?
Lain pédah haté nyangsang di si jénat. Teu. Éta mah pilakadar riwayat baheula nu geus teu aya di kieuna.
Atuda naon deui geura, salila ieu téh lanceuk cikal pituin saminggu sakali ngahajakeun datang, nyunmponan pangabutuh sakola barudak. Pangabutuh sapopoe. Jeung pangabutuh batin sorangan. Matakna, nanahaon néangan nu lian, nu can tangtu kanyaahna.* Deni Riaddy - kisuta.com


