Hard Rocks Pangbalikan
Efék distorsi metal hitar Fénder Stratocaster, ngagerung mangprung pagaliwota. Dram wirahma allégro double kick nurugtug ngajurung rusuh.
Nitah balap, poho purwa daksina, ngaberung fortaménto perbawa dunya. Akor minor. Tunggul dirurud, catang dirumpak teu nolih bar notasi, aya totonden reureuh jeung stakato. “Da hirup, kudu gesat, gesit, gesut, gélo,” ceuk arransemén hard rock dina lagu undergron Speed King. Senar panghandapna jumerit aweuhan harmonik ditaping ”Up-down nasib diri!” Bass ngilu ngajejewét haté jelema leutik, beuki rangsak di slaap taya welas asih ka papada manusa. Poma éling mangka darma wawayangan, lamun ténor. dram, kick, dipungkas ku sora simbal. Cunduk lalakon hirup, hésé deui nyieun komposisi anyar. Ngalungsar taya pangawasa, requés dina elak-elakan. Kerelek!* Iwan Hanjuang - kisuta.com


