Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kaméja Célé

Minggu, 15 September 2013

BUS ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap nu ieu lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé nu titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal pantes mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu leupas tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah paling resep kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian. Isukna, pareng panggih, manéhna maké kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja anyar paméré Wati, kudu waé dipaké ayeuna.” Karérét Wati imut bangun sugema.*  Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya