Jumat, 17 April 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Getih Mahardika

Jumat, 20 September 2013

AMBEKAN ngahégak. Késang juuh. Seuneu ngabebela jeroeun dada. Panas ngahuru. Panonpoé ngabedega burigas. Samping kebat, gelung nyungcung, siger ngaburinyay jadi saksi kasarakahan manusa. Lain, lain kieu nu aya dina implengan kamari. Oléng pangantén. Diuk pagégéyé jeung panutan. Kebek ku kabungah. Kadaton agréng ngajenggléng. Diriung ratusan pangagung. Tamplok kanyaah kakasih. Ayeuna, geuning kieu. Naha bet kieu? Lain kadaton geuning. Lain gamelan nu mapagkeun. Lain sang mahaprabu nu nyambat. Horéng tarompét perang. Horéng pedang nu dipesat ku jalma hianat. "Tong sieun geulis. Getih urang getih mahardika!" Pedang pusaka ngabarasat lir kilat. Ahungna minuhan jagat. Dayang pangasuh, tukang masak, tukang hias, prameswari, geus puguh para jurit mah. Kabéh maju nyingsatkeun samping mesatkeun pakarang. Patutunggalan. Sagobangna, sakerisna, sapésona, sapatremna. Para pohaci ceurik ngabangingik. Para bujangga nyuuh nyakclakeun cimata. Salapan puluh ngayonan ratusan angkara. Cipruk jukut ku getih. Ngadalingding seungit kembang tujuh rupa. Basa patrem pamungkas niruk jajantung Putri Sunda Citraresmi.* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya