Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngintip

Sabtu, 21 September 2013

BUNGAH, meunang pancén ngintip barak Walanda téh. Bisa ngalongok heula manéhna. Enya. Tada teuing melangeunna. Mulan-malén ditinggalkeun. Tara pisan dikirim béja. Mangkaning anyar dipihukum ditinggalkeunna téh. Bruh-bréh. Kalangkang manéhna. Imutna. Rindatna. Narémbongan. Kasono beuki moho. Nyaksrak saawak-awak. Sareupna, anjog ka lembur téh. Kuliwed. Tukangeun imah. Culang-cileung. Bus. Ka dapur. Keketeyepan. Ngajingjing kasono. Bréh. Manéhna. Keur ngaluis. Kasono campuh. Teu kaampeuh. Gabrug. "Akaaang...!?" Manéhna. Ngajerit leutik. Manja. Malik ngarangkul. Ngagaléntor. Ngabedah guligah rasa. Pruk! Pruk! Pruk! Can cacap kasono. Kapireng nu pating kedepruk ngepung imah. Ditémba ku nu keketrok. "Patroli, Kang..." Koréjat. Bus kana lomari. Pantona dipéléngékeun. Atra. Manéhna. Memener dangdanan. Gura-giru. Muka panto. Bréh. Menir Walanda. Gap. Gagang balati dikeupeul. Taki-taki. Bisi ngagunasika manéhna. Ras. Paréntah Kaptén Ruhiyat. "Tong boro katéwak. Dalah panggih gé ulah!" Sabil. Séréngéh. Menir seuri. Manéhna tungkul. Menir nyampeurkeun. Leungeunna ranggah. Jajantung ngaguruh. Balati dilugas. Sakilat. "Aww...!" Manéhna. Ngajerit leutik kawas tadi. Awakna ngoléang. Dipayang Menir.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya