Untuyan Gerbong
GAWÉ ngarongsok. Di juru statsion heubeul. Lebah Sé-Ér nu dijadikeun tempat ‘ngurek’ lalaki curaling. Kadang meunang, sakapeung lapur.
Koréh-koréh cok dina gundukan runtah. Kungsi ogé manggihan bangké orok na kardus. Ngabirigidig. Ras ka anak nu reuay. Bilatung dulang. Rasiko hirupna teu bisa témpo. Tapi teu matak aral subaha. Dileukeunan. Dug hulu pet nyawa ditandonkeun demi kabagjaan maranéhanana.
Mulang. Wanci sareupna. Lumayan hasil usaha rada mucekil. Muru gerbong urut nu dijadikeun tempat nyiuhan. Kasampak barudak keur arulin. Barungah. Oray-orayan. Kacaangan lampu jalan. Pauntuy-untuy miyuni gerbong. Gerbong kahirupan nu kudu dipuatan kurupaning bekel karancagéan hirup. Sangkan jaga mun geus sawawa, barudak bisa ngijir. Naha tresna atawa bahla nu kungsi dipuatkeun ku kuring.
Leumpang digancangkeun. Anjog. Dipapagkeun, cug-ceg marantuan mangjingjingeun babawaan. Najan nu dibawa ukur kadaharan sésa. Gesat-gesut ka cai. Netepan. Rérés. Ngadunga bareng, “Gusti..! Mugia diraksa tina lepat ngunjal muatan gerbong, nu ayeuna nuju dimasinisan. Aamin.”* Mulyana SA - kisuta.com


