Tipepereket..!
NU ngarana rejeki mah timana wé jolna. Pas ngaliwat imah kang Ayip nu karék mudik ti Tanjungsari. Dititah mampir. Mulangna dibawakeun oleh-oleh ubi Cilembu.
Awahing lawas ti lawas teu ngadahar ubi Cilembu. Teu sirikna érép 4 siki. Mantap surantap! Mung nyaéta éfék gigirna, éh salah.. éfék tukangna. Karasa pas solat maghrib. Karék rokaat kahiji, zéoooshhh..!! Hiliwir angin ti lamping. Haruuh..! Batal eum. Buru-buru wudu deui. Kaudag kénéh masbuk jamaah, gerentes haté. Na.. éta mah. Meujeuhna rokaat ka tilu. Padaharan murel. Gawat! Gajah ngakan kawat. Tipepereket! Kuat ka ngimput-ngimput. Tahaan..! Maca tahiyat ngebut mapakan Valentino Rossi. Tos injury time pisan rék salam. Beu ! Teu kaampeuh. Bruut..! Sorana baritone satengah oktav. Tobaat..! Mabek saeusi mushola. Culang-cileung. Gura-giru kaluar. Oh! Ubi Cilembu aya ku nikmat. Ngan.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


