Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lalaki Kasalikur

Minggu, 22 September 2013

"Mending urang sosobatan wé." Walon téh. Tandes. Walonan nu sarua. Ka saban lalaki nu ngajak jadian. Saprak manéhna mutuskeun. Sataun katukang.
Lain. Lain embung boga kabogoh deui. Da karasa éndahna baheula gé. Hirup lir katumbirian. Cahayaan. Sagala rasa salin jinis jadi sajak. Jadi lagu. Jadi kasono. Enya. Kasono. Sok betah mun geus ngangon kasono téh. Sok poho kana sagala. Najan sakapeung sok dipungkas ku kapeurih.
Manéhna. Lalaki kasalikur. Nu datang nyalabarkeun tresna. Bangun nu teu narima kana éta walonan. "Geus aya nu anyar?" Ceuk teuteupna. Seukeut. Niruk jajantung. "Acan. Acan kapikir boga nu anyar." Ceuk haté. Lain trauma. Ukur hayang nganétralkeun rasa. Hayang mupus heula kalangkang cinta baheula. Hayang mupus hiji ngaran. Enya. Ngaran nu basajan. Nu napel pageuh na galeuh ati.
Manéhna. Lalaki kasalikur nu datang nyalabarkeun tresna. Ukur bisa rumahuh. Laju ngaléos. Balik. Ninggalkeun nu kunyam-kunyem. Ngagerenyemkeun ngaranna.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya