Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pamohalan

Senin, 23 September 2013

NGARIUNG saanak incu. Ngampar di tengah imah. Aki Jenat calik nyarandé ka pangkéng. Tengeneunna Ma Asmah andéprok sareng Ma Eni. Kiwaeunna Indung Cinot sareng Ma Anah, teu lirén ngalemar.
Palaputra ngariung ngaradu bako. Galogonjakan. Apa gé aya sareng Ema katut Wa Eha jeung Bi Irah. Bebenyit mah arulin di buruan. Uing mah sok diajakan ucing sumput ku Ceu Euis jeung barudak nu laleutik kénéh. Kang Endang, Kang Engkus, Kang Hamid jeung barudak lalaki nu geus galedé mah sok barén. Atawa méngbal jeruk bali nu dibubuy. Eak-éakan.
Teuing naon nu sok diriungkeun téh. Ngan sainget uing, mindeng Aki Jenat mah ngumpulkeun anak incuna. Di bumi ageung Ma Asmah, nini uing. Atoh wé barudak mah. Loba dahareun, da sok meuncit domba sagala.
Tara aya nu sok tatanya. Tetelepék. Semet nyaho, aranjeunna téh istri Aki. Aranjeunna téh istri Apa. Maranéhna téh lanceuk, adi, alo, atawa dulur sabrayna. Alakur. Lalayeut Anak incu pituin Aki Jenat.
Hamo kataékan. Pamohalan katurutan ku uing. Cacakan ngan dua anak téh, geus méh arakil balég, can ieuh patepung. Komo wawuh. Si Cikal ngarasa nunggal. Si Bungsu asa nunggelis.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya