Nu Midangdam
Manéhna, anteng. Neuteup beungeut eunteung. Ngaca, sugan aya kadar. Nu ilang boga kamelang. Hayang nunda kanalangsa.
Meuraykeun lalangsé lawas. Ngelemeng, na ringkang peteng.
Dina tungtung peuting. Ketug jajantung, mirig léngkah, mapay sisi basisir. Cindung bodasna, ngélébét, kausap angin katiga. Ngarandeg. Bréh, nu dipiangen. Ngajega, ngaraga meneng. Mencrong laut upluk-aplak. Kadeudeuh taun-taun dikemu. Nyaliara, nyaksrak saawak-awak. Kasono ngagalura, motah jeroeun dada. Kumejot. Gandrung ngarangkul, ngusap rambut ririaban. “Radén!” Ngan kolu, saucap. Nu ngajega, rikat , malik.
Rumegag. Paamprok pelong. Teu lemék, teu nyarék. Nu kapireng , jelegurna ombak. “ geulis kenéh, sampulur, naleuhneur”. Gerentesna. Aya nu nyeuit. Tatu nu lita, raca deui.
Hawar-hawar, galindeng hariring ayun ambing. Ngaleler, nu marudah. Kabéngbat. Ngejat. Ngincig. Muru lahunan. Nyuuh, nyangsaya na harigu lépét Nyai Adirata.
“ Basukarna, anaking!”
Nu midangdam, kasawur lambak. Peuting diteureuy simpé.* Nena Cunara - kisuta.com


