Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Salaki Teu Uyahan

Selasa, 24 September 2013

KANG Didin katempo sedihna, basa pamajikanana maot, saenggeus dipulasara sakumaha mistina, dimandian jeung dishalatan, diasupkeun kana pasaran, regeyeng we digotong mayit teh. Ngan basa rek mengkol palebah gang ka pajaratan, pasaran teh nabrak tembok, tepi ka ngagubrag, barang gubrag kadenge aya nu ceurik di jero pasaran ari singhoreng barang dibuka geuning pamajikan Kang Didin hirup keneh. Malah tepi ka 5 taunna. Dina hiji poe, pamajikan Kang Didin gering deui tepi ka maotna, atuh harita keneh oge dipulasara deui sakumaha mistina, saenggeus mayit diasupkeun kana pasaran, regeyeng we digarotong, ngan pas palebah gang rek ka pajaratan, Kang Didin gogorowokan, ”Awas nabrak tembok!! Awas nabrak tembok!!* Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya