Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Korsi

Rabu, 25 September 2013

Panonpoé karék meleték. Anjog ka jarian sisi walungan, pangheulana. Hémeng. Bet réa korsi. Ngagunduk. Handapeun sasak. Rupa-rupa kelir jeung ukuran. Tangtu haregana gé teu sarua. Ngan pasti kana mahalna. Najan teu kasebut weuteuh, korsina aralus kénéh pisan. Hurung-hérang. Barang impor tayohna. Katangén tina cap nu napel palebah tukangna. Saréréa. Jul-jol. Ngadon lalajo gundukan korsi. Taya nu apal, iraha jeung ti mana datangna. Taya nu apal, saha nu nundana. Saréréa ukur bisa ngira-ngira. Babalédogan. Maju ka beurang. Nu datang beuki réa. Ting kecewis. Bari taya nu wani ngadeukeutan. Ukur nyérangkeun bari cur-cir ti jauhna. "Mmh... Anak aingah hayang sakola tepi ka bedona. Da teu kabagéan korsi." Ceuk batur sanasib. Enya. Anakna sanasib jeung si Cikal. Teu sakola alatan teu bisa mayar korsi. Kari-kari ayeuna manggih korsi sakitu réana. Jeung aralus deuih. "Montong!" Carékna, basa leungeun ngarongkong korsi pangsisina. "Bisi kawalat. Mana dipiceun gé. Mending urang mah teruskeun nyiar rongsok."* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya