Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Lir Cikopi
Rabu, 25 September 2013
BOBOGAAN awéwé mah lir ibarat cikopi. Tinyuh na gelas, kocék, rasana amis pait. Tinyuh na cangkir, na emuk, dalah na batok bulu gé rasana kitu kénéh. Amis rada pait atawa pait rada amis. “Piroséa nu kapimilik. Tarimakeun. Tong sarakah hayang loba wadah,” saur Aki Jenat, harita.
Geuning Aki mah gaduh sadayana? “Ih, Aki mah geus kolot. Jeung deuih lain resep-resep teuing ngopi, resep ngoléksi wadahna wé. Da geus kapimilik mah piraku dipiceun teu pupuguh,” saurna daria pisan.
Heueuh! Piraku deui ayeuna uing kudu miceun gelas atawa cangkir mah. Nyaah temen. Resep ninyuh jeung ngocékna ka duanana gé. Boh gelasna boh cangkirna. Duanana miboga rasa séwang-séwangan. Nambahan rasa amis paitna cikopi.*
Abu Ainun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


